07/10/12

CONTO BIANTARA MIELING POE KAMERDEKAAN


Assalamualaikum wr.wb.
Alhamdulillah nahmaduhu wanastainuhu wanastagfiruh, wa naudzubilahi min sururi wa min saiati amalina mayahdilahu fala mudilalah wa ma yudlilhu fala hadiyalah
Jst......
Puji kalih syukur urang sanggakeun ka dat anu Maha Kawasa Gusti Alloh Azawazala, dat anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya. Kalayan dina wangkid ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung paamprok jonghok dina acara ......kalayan aya dina ginanjar kawilujengan.
Solawat sinareng salam mugia salalmina ngocor ka Jungjunan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Oge ka para kulawargina, ka para sohabatna, kalayan pamugi aya leleberanana kanggo urang sadayana, anu ngagem ajaran Mantenna. Amin
Dina biantara ieu sim kuring bade ngabantun jejer “Kalungguhan Paranonoman dina Kahirupan”
Parawargi  hormateun sim kuring,


Upami urang nyawang mangsa ka tukang. Sok kagagas, kumaha prihatinna sepuh-sepuh urang sadaya nu karandapan waktu harita, nalika aranjeunna bajoang pikeun nyinglarkeun kaum penjajah. Aranjeunna cul anak, cul pamajikan, cul harta banda, saged bari teuneung, ludeung, teu gimir muru ka medan perang. Niatna gilig seja ngabela nagara, teu sudi lamun nagara diranjah deungeun. Aranjeunna dina ngabela nagara estuning taya pambrih.
Hadirin hormateun sim kuring,
Kiwari ku urang karaos genah jeung betah tumaninah hirup tanpa nu ngarongrong nyatana kasarakahan kaom penjajah. Ieu teh saestuna mangrupa parjoangan sepuh urang nu hirupna leuwih ti heula. Ayeuna aranjeunna tos taya dikieuna.
Ayeuna urang geus merdeka. Tapi,  merdeka lain hartina urang tenang-tenang, hare-hare, cicing taya guam, taya gadag. Ulah boga rasa mokaha, ulah pedah urang geus bebas tina kungkungan kaum penjajah.
Urang sarerea salaku nonoman tinangtu boga kabeungbeurat dina ngeusian kamerdekaan. Urang kudu bisa ngeusian ku rupa-rupa pangwangunan dina sagala widang.
Tapi omat ulah rek salah harti. Dina ngeusian kamerdekaan ieu lain hartina para nonoman kudu iilueun nyoren bedil, nyorendang granat.  Nya kitu deui, lain kudu  ngeukeuweuk tumbak pikeun ngajaga panarajang  deungeun nu rek ngaranjah nagara urang.   Lain.....
Dina pangwangunan, lain hartina urang kudu iilueun ngawangun sakola, ngawangun madrasah, ngawangun puskesmas. Lain......

                                                                                                                                              
Urang sarerea paranonoman salaku pelajar tinangtu boga kawajiban anu luyu jeung kalungguhan urang sarerea salaku pelajar.
Urang salaku pelajar teu kudu milu nyoren bedil, tapi ku cara ngajenan para pajoang nu parantos ngantunkeun urang, anu ayeuna geus taya dikieuna. Ku cara kitu ceuk pikir sim kuring, salasahiji sipat bangsa nu boga rasa tanggungjawab.
Dina pangwangunan, urang salaku pelajar teu kudu milu ngawangun sakola, madrasah jste. Jadi siswa nu bisa nempatkeun jadi siswa anu miboga pekerti anu luhur, eta oge nurutkeun pikir sim kuring, kaasup nonoman anu boga kriteria nu hade.
Lian ti ditataan di luhur dipiharep urang salaku siswa sing bisa jadi siswa anu taat. Taat ka nu nyiptakeun, patuh ka bapa ibu guru, hormat ka indung bapa, silih ajenan jeung sasama, nyaah ka sahandapeun.  Ku cara kitu urang geus bisa nempatkeun sabagian kalungguhan urang salaku nonoman dina kahirupan.
Ku gambaran di luhur, urang bisa nyindekkeun geuning kalungguhan urang teh teu saeutik. Tugas paranonoman dina kahirupan  teh geuning teu gampang.
Atuh ku kituna Sim kuring umajak ka para nonoman. Hayu urang ciptakeun nonoman anu cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer malahmandar urang jaga bisa ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara kalayan daria. Nu dipambrih bisa nyiptakeun masarakat anu sejahtera, rukun sauyunan ,repeh-rapih, adil palamatra.
Pamungkas pihatur, hapunten bilih aya catur nu teu kaukur, aya basa anu teu kareka.
Urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda di hanjuang siang, cag....
Tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan.
Bilahi taupik wal hidayah. Wassalamualaikum wr.wb